Sharing is Everything

Intro :  Girimis.. meuntaskeun bentang  peuting neundeun panineungan,  bulan  muru katangtuan balebat nganteurkeun  caang.  Neang w...

Cord & Lirik Gerimis Emka 9


Intro : 

Girimis..meuntaskeun bentang 
peuting neundeun panineungan, 

bulan muru katangtuan balebat nganteurkeun caang. 

Neang wanci pang harepan, moal peunggas ku lamunan.

simpe taraje nahate langit neuteup ngadeukeutan, 

srangenge mendakan poe beurang muru lembur peuting, 

lemah mapag rasa heman 
sagara ilang kamelang.

Lembur lengkob pamatuhan seah dangding meuntas langit. 

Ngampar jajar kahuripan cai nyurupkeun kaasih, 

sagara paheut ka lemah sumujud pangeusi nagri.

Kawung cunduk nganteur waktu marahmay pangeusi nagri, 

durugdug munding malati muka welas matri asih, 

raga nyurup kawaluya bagea dulur baraya

Interlude :


bumi manjing kalangitan seah hujan kabagjaan. 

Ajeg gunung satangtungan susukan panjang harepan, 

melak tangkal ajeg lemah tung-tung waktu teu tinemu.

0 coment�rios: